Kamis, 07 Oktober 2010

semah jeung beca

Sémah jeung Béca
Aya sémah amitan ka pribumi. Ku sabab teu mawa kandaraan, Si Pribumi téh nanya: “Badé kana naon?”
“Aya béca kitu?” jawab sémah.
“Ké atuh urang milari ka payun,” pribumi surti.
“Muhun atuh namung ulah hiji, sakantenan dua!”
“Naha mani kedah dua?”
“Ambéh gancang!”
(jst)




Anak Maung

Sajumlahing sasatoan keur ngariung. Teuing kumaha mimitina, der paagul-agul loba anak.
“Moal aya nu bisa ngadirihdil ngalahirkeun siga kuring mah,” cék sakadang marmot.
“Uing mah komo. Sakali ngendog aya puluhna. Tinggal nyirekeman langsung kabéh jadi budak,” ceuk sakadang oray.
“Soal paréa-réa anak mah, moal aya nu sanggup ngaleuwihan kuring,” sakadang lauk nyelengkeung ti balong. “Sakali ngendog lain ratus, tapi réwu pibudakeun téh.
“Takdir diri nasib abdi, unggal ngalahirkeun téh tara langkung ti hiji,” témpas sakadang maung bari heuay. “Namung sadaya gé tangtos uninga sanés, sanaos hiji ogé, tetep anak maung!”
Jep sasatoan séjénna taya nu wani nyarita deui.

(jst)

Tidak ada komentar:

Posting Komentar