Kamis, 30 Desember 2010

Irfan Bachdim


Irfan Bachdim

KULAWARGA Kang Suryana keur ngarariung di patengahan bari lalajo maénbal. Tétéla, pangaruh Irfan Bachdim téh nerekab ogé ka pilemburan. Éta wé Ocad, meni pok deui pok deui resep ka Irfan Bachdim.
“Geura ngapalkeun, Cad. Tong lalajo TV baé!” ceuk Ceu Ikoh.
“Ké Ma kagok, keur lalajo méngbal,” témbal Ocad.
“Manéh man dititah ngapalkeun ku indung téh kalah ngalawan. Hayang jadi naon atuh manéh téh Ocad?” ceuk Ceu Ikoh deui.
“Uing mah hayang jadi siga Irfan Bachdim,” témbal Ocad.
“Irfan Bachdim téh éta nu nomer 17?”
“Enya.”
“Eueueuh, manéh mah, teu nalipak manéh pisan. Irfan Bachdim mah kasép deuleu. Tuh, tingali irungna ogé bangir! Teu siga manéh!” ceuk Ceu Ikoh deui.
“Ari Ema, atuda Irfan Bachdim mah indungna ogé geulis, Ma, jeung teu pésék deuih!” témbal Ocad.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar